Kurupuk
Kurupuk (Ind. kerupuk; Ing. crackers) nyaéta salah sahiji jenis kadaharan jajanan (snacks). Najan kitu, di sababaraha wewengkon, utamana di Tatar Sunda, kurupuk biasa dijadikeun batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun "beurat" séjénna (hucap, baso, loték, jsb.).
Bahan dasar kurupuk biasana sabangsaning tipung nu diadon jeung cai tur bungbu atawa rasa nu dipikahayang nepi ka dalit, diseupan, tuluy ditiiskeun. Bahan satengah jadi ieu tuluy dipotongan atawa dicitak sakumaha bentuk nu dipikahayang (buleud, rungga-renggi, atawa kotak), digaringkeun pikeun engkéna digoréng maké lisah kalapa atawa disangray.
Rupa-rupa kurupuk
[édit | édit sumber]Sababaraha jenis kurupuk nu loma aya di Tatar Sunda di antarana:
- Kurupuk aci: kurupuk pangkawentarna di Tatar Sunda alias kurupuk standar ku lantaran murah. Dijieun tina aci sampeu. Biasana bentukna buleud jeung warnana bisa macem-macem sanajan warna panglomana mah bodas. Ieu kurupuk teu pati kuat dina rasa, meureun ku lantaran cara nyieunna nu teu ngagunakeun bungbu.
- Kurupuk kulit (rambak, dorokdok): Kurupuk nu loba dijual di wewengkon Cirebon-Indramayu, dijieun tina kulit sapi. Rasana gurih deukeut ka asin tur boga ciri has sok léngkét na létah bari jeung méré "sensasi" tingbeletok. Puseur industrina aya ogé di Garut.
- Kurupuk malarat/mlarat: Kurupuk ieu ogé loba dijual di wewengkon Cirebon jeung salah sahiji oleh-oleh dahareun nelah ti Cirebon. Sawatara jelema nyebutkeun yén ngaran kurupuk Mlarat téh diturunkeun ti na kecap "malarat" (melarat; B. Indonésia) nu artina sangsara ku dunya. Bisa jadi ieu téh dihubungkeun ku cara nyieunna nu henteu digoreng ku lisah atawa peletik tapi disangray maké keusik panas. Bahan dasar kurupuk ieu sarua jeung kurupuk séjén nyaéta aci. Nu ngabédakeun krupuk ieu dina ngasakeunna nu henteu digoreng maké minyak tapi disangray dina keusik panas. Biasana bungbu karek dibalurkeun sabada kurupuk asak. Warna nu loma beureum, bodas, jeung konéng. Di daérah asalna, sabungkus kurupuk mlarat diregaan 3.000-3.500 rupiah.
- Kurupuk bondon: warnana beuruem lada tapi kacida nikmatna.
- Kurupuk hurang: dijieun maké bahan dasar hurang
- Kurupuk jéngkol: dijieun maké bahan dasar jeung kol
- Kurupuk géndar: dijieun maké bahan dasar gendar
- Kurupuk solondok: dijieun tina bahan dasar sampeu, rasana aya nu asin semu amis, aya nu lada. Séntra produksina loba di daérah Kabupatén Magelang, ari nu ngicalna mah di Bandung ogé loba.
Kurupuk lianna
[édit | édit sumber]Sababaraha kadaharan ieu bisa digolongkeun kana golongan kurupuk, sok sanajan sabagéan di antarana kadang-kadang disebut kiripik atawa cukup diistilahkeun gogoréngan.
- Kurupuk gadung: didamel tina gadung
- Saroja:
- Kurupuk jaat: dijieun tina jaat
- Ér'o (Rangginang oyég):
- Kurupuk oyék:
- Opak:Didamel tina béas ketan
- Kicimpring (di sababaraha wewengkon diseut ogé béca):didamel tina sampeu
- Rangginang (raginang, ranginang): didamel tina béas ketan.
- Kurupuk édun: kurupuk beureum jeung lada kabeuki barudak sakola
- Kurupuk rorombéheun: rupana bareulah jiga dampal suku nu rorombéheun, tapi nikmatna kacida luar biasa.
- Rémpéyék (atawa "goréng kacang"): dijieun tina tipung béas nu diabrukan suuk atawa kacang kadelé tuluy digoreng.
- Emping, tina tangkil, kadang-kadang aya ogé tina sampeu
Sumber
[édit | édit sumber]- Paguneman Kusnét di milis urangsunda@yahoogroups.com